2 Raja-raja 15
Usia putra Amasia jadina raja nagara Yuda dina taun kadua puluh tujuh Yarobam II ngarajaan nagara Israil,
dina yuswa genep belas taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana lima puluh dua taun. Jenengan ibuna Yekolya, urang Yerusalem.
Lampah Usia pikamanaheun PANGERAN cara ramana.
Tapi tempat-tempat ibadah ka brahala ku anjeunna henteu digempur; jalma-jalma masih keneh ngalurban jeung ngarukus di tempat-tempat kitu.
Usia ku PANGERAN dikeunaan kasawat lepra, nepi ka pupusna kasawatna henteu leungit. Ku sabab kitu anjeunna mencilkeun anjeun di bumi kagunganana, bebas tina kawajiban anu jadi raja. Urusan nagara dikawasakeun ka Yotam, putrana.
Carita Usia salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.
Sanggeus pupus sarta dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud, Yotam putrana ngagentos jadi raja.
Jakaria putra Raja Yarobam II mimiti jadina raja nagara Israil dina taun katilu puluh dalapan Usia ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria sarta ngarajaanana genep bulan.
Lampahna cara raja-raja anu saheulaeunana, nirca ti PANGERAN, nurut kana lampah jahat Raja Yarobam bin Nebat anu nyered Israil kana dosa.
Anjeunna ditelasan di Yiblam ku Salum bin Yabes, anu geus ngajak sakait ka nu sejen. Geus kitu Salum ngagentos anjeunna jadi raja.
Carita Raja Jakaria salian ti eta, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.
Pangandika PANGERAN ka Raja Yehu anu ungelna: "Anak incu maneh opat turunan bakal jaradi raja Israil" geus tinekanan.
Salum bin Yabes mimiti jadina raja Israil meneran taun katilu puluh salapan Usia ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana ngan sabulan.
Salum ditelasan ku Menahem bin Gadi urang Tirsa, anu ngahaja datang ka Samaria. Menahem ngaganti anjeunna jadi raja.
Carita Raja Salum salian ti eta jeung hal sakongkolna, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.
Basa keur angkat ti Tirsa, Menahem nempuh heula nagara Tipsah dumeh eta nagara embungeun diajak biluk. Urang dinya jeung sakurilingna diparaehan, nu keur rareuneuh ge dibedelan beuteungna.
Menahem bin Gadi mimiti jadina raja Israil meneran taun katilu puluh salapan Usia ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana sapuluh taun.
Lampahna nirca ti PANGERAN, satutup umurna nuturkeun kanircaan Raja Yarobam bin Nebat anu nyered Israil kana dosa.
Raja Tiglat Pileser ti nagara Asur ngarurug ka Israil. Menahem ngahaturanan perak 38.000 kilo, bari mundut dibantu supaya bisa tetep nyangking karajaan.
Menahem meunangna duit ti urang Israil anu baleunghar, unggal jelema kudu mayar lima puluh uang perak. Sanggeus dibaktian duit, Raja Tiglat Pileser mulih ka nagarana.
Carita Menahem kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.
Menahem pupus, dimakamkeun di makam karuhunna, tuluy diganti ku Pekahia, putrana.
Pekahia bin Menahem mimiti jadina raja Israil meneran taun kalima puluh Usia ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana dua taun.
Lampahna nirca ti PANGERAN, nuturkeun kanircaan Raja Yarobam bin Nebat anu nyered Israil kana dosa.
Pekahia ditelasan ku perwirana sorangan, Pekah bin Remalya anu dibantu ku lima puluh jelema urang Gilad. Ditelasanana di karaton Samaria di benteng jero. Ti dinya Pekah ngaganti jadi raja.
Carita Pekahia lian ti eta aya dina Kitab Babad Raja-raja Israil.
Pekah bin Remalya mimiti jadina raja Israil meneran taun kalima puluh dua Usia ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana dua puluh taun.
Lampahna nirca ti PANGERAN, nuturkeun kanircaan Raja Yarobam bin Nebat anu nyered Israil kana dosa.
Jaman Raja Pekah, kota-kota Iyon, Abel Bet Maaka, Yanoah, Kedes jeung Hasor katut wewengkon-wewengkon Gilad, Galilea jeung Naptali, direbut ku Tiglat Pileser raja Asur, jalma-jalmana dibawa ka Asur jaradi boyongan.
Dina taun kadua puluh Yotam putra Usia ngarajaan nagara Yuda, Raja Pekah ditelasan ku Hosea bin Ela anu geus nyieun sakait. Ti dinya Hosea bin Ela ngaganti jadi raja.
Carita Pekah salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.
Yotam putra Usia mimiti jadina raja nagara Yuda meneran taun kadua Pekah bin Remalya ngarajaan nagara Israil,
dina yuswa dua puluh lima taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana genep belas taun. Jenengan ibuna Yerusa binti Sadok.
Lampah anjeunna pikamanaheun PANGERAN cara Usia ramana.
Tapi anjeunna henteu numpurkeun tempat-tempat ibadah ka brahala; jalma-jalma masih keneh ngalurban jeung ngarukus di nu kitu. Gapura Bait Allah ku anjeunna ditambah hiji deui, disebutna Gapura Kaler.
Carita hal Yotam salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.
Jaman Raja Yotam PANGERAN mimiti ngadatangkeun Raja Resin ti Siria jeung Raja Pekah ti Israil narajang ka nagara Yuda.
Sanggeus Yotam pupus sarta dikurebkeun di makam karajaan di Kota Daud, digentos ku Ahas, putrana.